Monday 29 August 2011

ucapan selamat idil fitri

 
Selamat siang semua saya yakin agan semua sedang sibuk untuk menyambut hari nan fitri esok. kayanya gak afdol klo gk kirim sms kesanak saudara. saya yakin sms ini beda dari yang lain,oke untuk mempermudah kirim2 sms sebagai berikut: 

Takbir bergema menggetarkan jiwa,
Sekiranya ada salah dan dosa,
Ampun dipinta dihari mulia.

Andai jemari tak sempat berjabat,
Jika raga tak bisa bersua,
Untuk kata membekas luka,
Semoga pintu maaf masih terbuka.

Menyambung kasih, merajut cinta,
beralas ikhlas, beratap doa.
Semasa hidup bersimbah khilaf,
berharap diri dibasuh maaf.
Minal Aidin Wal Faizdin Mohon Maaf Lahir Dan Bathin
Selamat Hari Raya Idul Fitri.
__________________________________________________________

Mata bisa salah lihat
Kuping bisa salah dengar
Mulut bisa salah bicara
Hati bisa salah sangka
Di hari yang fitri ini
Mohon maaf lahir dan bathin.
Selamat Hari Raya Idul Fitri.
____________________________________________________________________

Kata telah terucap,
tangan telah tergerak,
prasangka telah terungkap,
Tiada kata, Kecuali “saling maaf” jalin ukhuwah & kasih sayang raih
indahnya kemenangan hakiki,
Selamat Hari Raya Idul Fitri.
__________________________________________________________________________

Ijinkan saya bersajak.
Untuk lisan yang tak terjaga.
Untuk janji yang terabaikan.
Untuk hati yang berprasaangka.
Untuk sikap yang menyakitkan.
Di hari yang fitri ini, dengan tulus hati saya mengucapkan mohon maaf lahir dan bathin. Semoga Allah selalu membimbing kita bersama di jalanNya.
Selamat Hari Raya Idul Fitri...




sumber dari Blog freand

Saturday 27 August 2011

klik iklan dapat duit

           Ada program bagus banget nich sob, kita hanya disuruh untuk mengeklik iklan2 yang sudah disediakan dan kita diberi $0.01 tiap sekali klik.. lumayan lah dari pada kita ngenet gak dapat untung gak ada salahnya untuk mencoba,,lagipula apa susahnya sih tinggal ngeklik doank..hehe..
tertarik??? daftar aja disini..!!!
           Peraturannya kita harus menunggu waktu 30 detik untuk mengeklik iklan yang selanjutnya, dan apabila kita mereferensi teman kita untuk gabung disini dan mereka juga mengeklik iklannya kita juga diberi $0.01 per klik.
lumayankan misalnya :
» Kamu mengklik 10 iklan per hari = $0.10
» 20 referensi kamu mengklik 10 iklan per hari = $2.00
» Penghasilan kamu perhari = $2.10
» Penghasilan kamu perminggu = $14.70
» Penghasilan kamu perbulan = $63.00

bila dikurskan ke rupiah berapa tuh?? itung ndiri ah!!! hehe
Itu baru contoh 20 referensi, bayangkan jika kita punya 100 referensi????
hitung ndiri ah penghasilannya!! q gak mau gila gara2 ngitung duit banyak... hehehe

Sudah siap untuk bergabung?? caranya mudah banget...
yang pertama silahkan daftar disini. Isikan data-data yang dibutuhkan.
Untuk mencari iklan silahkan klik pada tulisan "Surf Ads" Silahkan anda klik iklan-iklan yang telah disajikan. Tapi jangan diklik semuanya. Ingat.. satu iklan diberi waktu 30 detik untuk mengeklik iklan selanjutnya. Jadi anda harus menunggu dulu selama 30 detik, baru kemudian anda klik iklan yang selanjutnya.
Untuk melihat penghasilan anda, silahkan anda klik pada menu "My Stats"

Buruan gabung!! What are you waiting for???

LARATAN ASTAMANGGALA


LARATAN ASTAMANGGALA, KARUHUN CIHAUR DINA SEJARAH BANDUNG
Dicutat tina R. Memed Sastrahadiprawira


"Ngan anu puguh cukcrukanana, nya eta ti wates nu ngawengku Tanah Ukur, nu ngasta padataran Bandung kabeh-dieunakeun, jenengan Dipati Ukur Wangsanata, menak asal Purbalingga” (Roman Sajarah "Pangeran Kornel", Balai Pustaka, Citakan kahiji tahun 1930).
Jenengan Dipati Ukur teh pikeun sajarah Bandung mah beunang disebut
mumundelna, sabab nya dijaman harita urang Sunda, babakuna nu nyicingan
padataran Bandung, obyag sasadiaan baris nedungan papancen Sultan Agung
Mataram ngepung kota Batawi, ngarurug Kapitan Mur Jangkung.
Pangaruh Sultan Mataram karasana ku pangeusi tanah Priangan, lir upama angin topan nebak tatangkalan, taya nun bisa ngahalangan, sakur nu kadupak rebah, kitu deui nu ngawengku Tanah Ukur, kitu katelahna padataran Bandung jaman harita, teu iasa mangga pulia, kapaksa tumungkul ka kersana Sultan Mataram, saperti tangkal awai katebak ku angin gede.
Dina bubulak nu upluk-aplak ngaleut-ngeungkeuy balad Sunda rek miceun pati ka Batawi. Rancung tumbakna, nyalulagrang gobangna, wantuning ari bedil mah alam harita arang langka keneh. Opat rebu reana Balad Dipati Ukur anu ninggalkeun lemburna ngarurug ka Batawi, ngan opat ratus nu bisa mulang deui !
Ti harita Dipati Ukur nyicikeun cai, ngawurkeun lebu, sumpah moal kersa
ngawula deui ka Mataram. Tapi Dipati Ukur heunteu iasa lila wangkelangna, sabab kaburu sumping Tumenggung Narapaksa, senapati Sultan Mataram, nyandak balad mangpirang-pirang baris meruhkeun luluhur Ukur. Dipati Ukur bingung, ku musuh enggeus kakepung, cek babasan tea mah : maju jurang, mundur jungkrang.
Tuluy mundur jeung sababaladna, ngadago musuh di Gunung Lumbung. Tapi kalah wowotan, sanajan balad Mataram loba nu maraot
ditinggangan ku batu ti luhur gunung oge, teu burung Dipati Ukur abandang,
dikerid-peuti jeung ulukuringna, diboyong ka Mataram, baris narima hukuman
nu kacida ngerikna.
Padataran Bandung jadi suwung, Tanah ukur leungit kama'muranana, sabab geus taya nu nyicingan. Pasawahan jadi gamblung, huma-huma jadi leuweung.
Mangtaun-taun Bandung kosong lawas pisan jamanna Tanah Ukur teu katincak ku
jelema.
Tapi dasar Bandung kudu ninggang cacandran: heurin ku tangtung, jol sumping Umbul Cihaurbeuti nu geus milu nempuh Dipati Ukur, nyandak rencang dua ratus kuren, mudun ka palebah muhara Cikapundung, lantaran ku Sultan Mataramdijenengkeun bupati di Bandung, ganjaran kana kasatiaanana.
Tanah nu geus suwung teh dieusi deui sarta di sakuloneun muhara eta ngadeg dayeuh, katelahna Karapyak sarta sanggeus pindah ka tempat nu ayeuna
disebutna : Dayeuhkolot. Lain lebah dinya wae, tapi di wewengkon Tanah Ukur
beulah wetan oge, pernahna kuloneun walungan Citarik, dibawahan distrik
Cicalengka, desa Tarikolot-kaler, aya dayeuh nu sajaman diadegkeunana sarta
teu eleh karesikanana ku nu disebut ti heula, wantuning eta oge sarua pada
palinggihan bupati, nya eta dayeuhna kabupaten Parakanmuncang. Bupati eta
nagara nu mimiti kakasihna Tumenggung Wiratanubaya, asal umbul
Sindangkasih, nu jenengan Ngabehi Somahita. Kulantaran eta umbul milu
nalukkeun Dipati Ukur, ku Sultan Mataram diganjar, dijenengkeun bupati di
Parakanmuncang sarta tedak-tumedak ka putra-putuna meunang sababaraha
turunan.

Sastawan Sunda
R. MEMED SATRAHADIPRAWIRA
Dibabarkeun 18 Maret 1897 di Manonjaya, Tasikmalaya
Wafat dina kaping 5 Juli 1932 di Bandung

Tuesday 16 August 2011

pasirtamiang

Mangrupakeun hiji pedesaan anu ayana di wewengkon kacamatan cihaurbeuti kabupaten ciamis jawa barat (Indonesia)
Asal usul pasirtamiang

Tiap tiap ngaran pasti ngabogaan sajarah masing masing, kitu oge sarua halna ngaran pasirtamiang, upami di tilik tina sajarah asal muasalna, ngaran pasirtamiang ngarupakeun gabungan tina dua ngaran nyaeta “pasir” jeung “taming”.
Anu tiap tiap ngaran tadi boga harti masing masing, ngaran “pasir” di cokot tina basa sunda anu hartina “leuweung leutik” atawa bagean leuweung anu deukeut jeung tempat cicing manusa. ngaran “tamiang” di cokot tina ngaran tangkal awi anu waktu harita aya di tempat eta (pasir). Jadi lamun di hartikeun sacara kaayaan dina jaman harita , “pasirtamiang” ngandung harti “tempat anu loba tangkal awi tamiang”.
Tapi aya oge anu ngahartikeun “pasirtamiang” teh ngarupakeun gabungan tina ngaran “Pasirta” jeung “miang” anu hartina “pasirta” ngandung harti peserta atawa anggota, “miang” hartina indit. Jadi harti pasirtamiang lamun nurutkeun versi anu kadua nyaeta, “peserta anu miang”. Bisa di buktikeun ku lobana anggota atawa jalema anu miang (indit / ngalalana / kaluar) neangan pakasaban ka daerah luar pasirtamiang. Ngan harti anu kadua lain dicokot tina asal muasal ngaran, tapi docokot tina basa kirata (di kira-kira tapi nyata).
Leupas tina harti anu asal, pasirtamiang ngarupakeun hiji ngaran padesaan anu ayana di kacamatan cihaurbeuti (sakumaha anu tos di tulis dina tulisan bubuka). “DESA PASIRTAMIANG” mungkin ngaran eta anu aya dina emutan.

Desa pasirtamiang
Upami di tingal tina sajarah ngaran na, pasirtamiang ngarupakeun hiji tempat anu langka di saba ku manusa kumargi kaayaan nana di sisi leuweung. Tapi sajalan jeung jaman, lambat laun pasirtamiang jadi hiji padesaan anu dibagi jadi 6 (genep) perkampungan.
Diantarana:

1. Kampung pasirtamiang tonggoh
2. Kampung Pasirtamiang Landeuh
3. Kampung Cijoho
4. Kampung Kertasari
5. Kampung Pasirlandak
6. Kampung Cigorowong

Anu masing masing ngaran ngabogann sajarah.
· 1. Pasirtamiang tonggoh
Katerangan masih di pilari…..

· 2. Pasirtamiang landeuh
Ngarupakeun hiji tempat atawa wilayah anu aya di desa pasirtamiang, lamun nurutkeun sajarah, pasirtamiang landeuh ngarupakeun pecahan kampung. Sabab di desa pasirtamiang asalna ngan aya 5 (lima) kampung, mungkin kusabab lobana anggota atawa tambahan penduduk tiap taunna, maka dina taun 1993 kampung pasirtamiang di bagi jadi 2 (dua) bagian. Nyaeta bagian tonggoh jeung landeuh.
Pasirtamiang lendeuh ngabogaan 3 (tilu) belah, nyaeta (1) beulah kaler atawa biasa di sebut “kondang” (2) beulah tengah (3) Beulah kidul biasa di sebut “babakan” tins 3 (tilu Beulah eta ngabogaan 8 (dalapan) Rt (rukun warga) anu tiap tiap Rt di bates ku solokan jeung satiap Rt ngabogaan kurang leuwih 20 Kepala keluarga. Lamun tina satiap kepala keluarga aya 5 (lima) urang, maka bisa di perkirakeun warga anu aya di kampung pasirtamiang landeuh kurang lewih 8 x 20 x 5 = 800 (dalapan ratus warga) tapi ieu mah itungan sacara perkiraan wungkul. Kangge bukti anu nyata na mah mungkin Pak lurah anu langkung uninga.
Oh iya ampe lupa,,,, Dugi ka taun ayeuna (2011) kampung pasirtamiang landeuh tos ganti 2 x Bpk lurah (setelah di pecah) anu kaleresan dina taun ayeuna di kokolotanan ku Bpk Lurah Ade. (jadi inget lagu kang doel sumbang...) salam baktos ka Bpk lurah….

· 3. Cijoho
· 4. Kertasari
· 5. Pasirlandak
· 6. Cigorowong

Katerangan di luhur di tulis ku ade kamal mustopa (warga pasirtamiang landeuh), upami aya anu langkung uninga kana sajarah pasirtamiang, diantos kintunan serat na ka E-mail kamal_mustfa@yahoo.co.id