Campur adux

Jaman keur budak sok ngadengekeun dongeng teh. Ari mimindengna mah, dongeng ti nini kuring. Dongeng Si Kabayan Ngala Tutut,  dongeng Peucang Balap Lumpat, atawa dongeng Raja Beuki Gedang. Tapi, nini kuring oge resepeun ngadengekeun dongeng teh. Dongeng tina radio. Nya kapaksa bae, ari can tunduh mah, kuring oge milu ngabandungan. Bet terus resep deuih. Sakapeung sok nyipta-nyipta, hayang jadi tokoh sakti dina dongeng. Kawasna mah taya bedana jeung barudak ayeuna, resep kana tokoh-tokoh pilem dina televisi. Nya ari karah ku unggal peuting mah ngadengekeunana, sok aya bae carita anu inget keneh nepi ka ayeuna. 

Teuing kumaha mimitina, pangna carita nyambung dina radio sok disebut dongeng Sunda. Apan ceuk kamus LBSS oge, anu disebut dongeng mah (lolobana) carita anu pamohalan kajadian. Upamana bae, dongeng Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya, dongeng Si Kabayan, Sasakala Tangkuban Parahu, jeung rea-rea deui. Bisa jadi, pangna disebut dongeng teh, carita nyambung dina radio kaasup sastra lisan. Henteu unggal jelema bisa maca naskahna. Naskahna paranjang, aya nu nepi ka rebuan lambar. Langka anu dicitak jadi buku, lolobana mah hasil ketikan bae, ukur sababaraha eksemplar deuih. 

Masarakat pilemburan mah geus biasa nyebut dongeng  kana carita nyambung dina radio teh. Atuh dina ieu tulisan oge, urang sebut bae dongeng Sunda. Upama nu geus dibukukeun, urang sebut bae roman panjang. 

Beda jeung karya sastra Sunda sejenna, dongeng dina radio mah henteu pati diadu-renyomkeun. Henteu sakabeh kritikus sastra apaleun, kumaha kaayaan dongeng Sunda ayeuna. Henteu kawas carpon atawa sajak, meh unggal sastrawan nalungtik kamekaranana. Malah dina diskusi sastra, anu dipadungdengkeun sabudeureun karya sastra nu geus “ilahar”; novel, roman, carpon, sajak jeung dangding. Tara kasabit-sabit perkara dongeng Sunda mah. 

Bisa jadi, lantaran dongeng Sunda mah beda deui komunitasna. Ukur masarakat pilemburan bae anu ngabandunganana teh, kitu oge lolobana generasi nu geus kolot. Hartina, “konsumenna” urang pasisian bae, anu henteu apaleun naha dongeng teh karya sastra atawa lain. Tara ieuh masualkeun pangarangna, tema carita, guluyurna carita jeung sajabana. Nu penting mah rame jeung matak panasaran. 

Carita dina dongeng, ngaharib-harib kana novel. Strukturna oge sarua jeung novel; aya tokoh-tokohna, puguh setting-na, alur atawa plot, kaasup klimaks jeung anti-klimaks.  Lantaran alur caritana panjang, tokohna oge lain hiji-dua. Malah nepi ka puluhan urang. 

Sakabeh naskah dina dongeng Sunda, make gaya realismeu, konvensional, malah aya nu ngadeukeutan kana sastra klasik. Sareretan mah, bet asa mindahkeun kahirupan nu sanyatana. Lain ukur dipotretan sajorelatan, tapi ditetek nepi ka bubuk leutikna. Malah keur pangarang dongeng mah, panalungtikan kana hiji kajadian teh kudu enya-enya. Hartina, lain saukur ngumbar imajinasi, tapi dieuyeuban ku data jeung pakta. 

Jejer carita dina dongeng Sunda, lolobana  mah kahirupan di pilemburan. Malah loba anu nyokot kasangtukang kahirupan masarakat Sunda jaman beh ditu. Basa jaman keneh para “jawara”, boh anu hubunganana jeung mangsa penjajahan, boh carita anu ngaharib-harib pilem “laga”. Dina lalakon para jawara, anu dicaritakeun teh dunya kadugalan. Di dinya aya tokoh anu dianggap pahlawan, bebela ka rahayat, tapi boga kasaktian luar biasa. Aya tokoh utama, aya tokoh antagonis. Biasana, tokoh utama jeung antagonis boga pangabisa nu ampir saimbang. Tapi dina pamustunganana mah, tokoh utama sok pinanggih bagja, bisa ngahontal cita-citana. Najan sakapeung mah, carita silat dina dongeng Sunda, kawas nu kapangaruhan ku carita-carita silat anu datangna ti Cina. 

Dongeng Sunda dina carita silat anu  kungsi sohor teh Si Rawing  karangan Yat R. Dibacakeunana ku Wa Kepoh deuih, puguh bae matak jadi kacapangan balarea. Si Rawing beunang disebutkeun dongeng super panjang. Eta we, dibacakeunana oge nepi ka sataun leuwih. Dina eta carita, Si Rawing teh tokoh silat anu resep heureuy, kalakuanana sakapeung mah siga nu owah. Tapi boga pangabisa nu luar biasa. Si Rawing asa ngaharib-harib kana tokoh Wiro Sableng beunang Bastian Tito. Malah ku suksesna Si Rawing, nepi ka dipilemkeun sagala rupa. Dongeng silat sejenna anu kungsi “rame” dina radio teh di antarana Si Buntung Jago Tutugan, Nyi Ganting (Ahmad Afandi Asgar), Si Bongkok,  jeung rea-rea deui. 

Aya deui carita anu nyokot kasangtukang sajarah jeung tina carita pantun. Pantun Ogin Amarsakti, lalakon budak anu dipiceun tea, kungsi disadur kana dongeng Sunda. Kitu deui dongeng Sangkuriang jeung Lutung Kasarung. Malah anyar keneh, Aan Merdeka Permana, pangarang anu ayeuna redaktur koran Galura, nyieun dongeng Silalatu Gunung Salak, anu dibacakeun ku Wa Kepoh. 

Euyeub pisan kasangtukang carita dina dongeng Sunda teh. Geus karuhan carita kahirupan sapopoe mah, henteu kaitung jumlahna. Dalah anu enya-enya ngayakeun panalungtikan oge, teu kurang-kurang. Upamana bae, nyokot kasangtukang jaman kolonial Walanda. Nyaritakeun kumaha kejemna kaom penjajah mangsa harita. 
  
Di antara para pangarang dongeng mah, kakara Ahmad Afandi Asgar (AA) anu karanganana sari-sari jurnalis teh. Lebah dieu, memeh prak ngarang teh katembong AA ngayakeun heula panalungtikan. Lain saukur ngimpleng ngumbar imajinasi. Tina kituna, karasa pisan naskah-naskahna teh aya “nyawaan”. Beunang disebutkeun punjul ti pangarang dongeng sejenna. AA pinter pisan palebah ngolah campuhna rasa Si Tokoh, palebah nyaritakeun kajadian nu matak ketir. 

Lolobana, naskah beunang AA didongengkeun ku Wa Kepoh, Si Raja Dongeng tea. Dibekelan ku pangaweruh kana basa Sunda nu beunghar pisan, AA bisa ngahudangkeun rasa nu ngadengekeun dongeng. Boh dina waktuna sedih, boh dina waktuna bungah. 

Dina Romusha upamana, dongeng panjang anu nyokot kasangtukang mangsa penjajahan Jepang, AA mani persis pisan nyaritakeun kahirupan mangsa harita. Dina henteu ngalamanana oge, paling copel AA macaan heula buku ngeunaan para romusha. Istilah-istilah dina basa Jepang, milu diasupkeun kana ieu carita. Katembongna, AA mere kayakinan, yen anu dicaritakeunana teh enya-enya kajadian. Lain ukur dongeng. Malah apan AA mah lampar pisan, nyaritakeun kaayaan di nagara Birma sagala rupa, tempat dibuangna para romusha. 

Basa Sundana alus, merenah, beunghar naker ku idiom. AA tapis pisan nyaritakeun tokoh Sukma, lalaki goreng patut anu jadi pahlawan dina ieu carita. Kumaha diganggayongna Si Tokoh, disiksa, dipitenah, nepi ka ngalaman kajadian nu matak ngangres. Hal-hal anu “manusiawi”, ditembrakkeun bari henteu karasa dijieun-jieun. Sukma, lalaki goreng patut, kabiruyungan kawin ka Anis, mojang geulis rancunit bentangna lembur Panagan. Kumaha peurihna hate Mang Sura, babaturan Sukma anu saumur-umur jadi bujang kolot, henteu pernah kawin. Anis deuih, anu bisa ngajaga kapengkuhanana, sajeroning ditinggalkeun ku Sukma anu jadi romusha. Anis anu mangbulan-bulan babarengan jeung Mang Sura, ampir-ampiran ngudaran kahormatanana. 

Romusha mah carita anu pinuh ku rupa-rupa rasa, rupa-rupa kajadian. Dipitenah, terus katalangsara, pamustunganana “balas dendam”. Asa nyeueung carita Monte Christo, beunang Alexander Dumas tea. 

Lain ukur Romusha, dongeng beunang AA anu beunang disebutkeun punjul teh. Aya deui carita anu nyokot kasangtukang pulo napi Nusakambangan. Ahmad, dina ieu carita, dipitenah nepi ka dibuang ka Nusakambangan. AA imeut pisan nyieun deskripsi tempatna hotel perdeo teh. Kaasup kalakuan manusa anu henteu ilahar. Juragan Durga, patugas di ieu pulo, bet resepeun ka lalaki (homoseks?). Bisa jadi lantaran di eta pulo mah langka awewe. Ahmad anu terus kakaburan jeung baturna (Si Joglo), nepi ka kudu ngojay meuntas sagara. Sukuna buntung disamber lauk hiu. Palebah kakaburanana mah, breh bae asa nyeueung pilem Joni Indo. 

Aya deui dongeng beunang AA teh, anu nyaritakeun panalungtikan para mahasiswa kedokteran ka hiji tempat anu masarakatna katarajang kasakit kusta. Dongeng nu ieu mah (poho deui judulna) asa ngaharib-harib kana carita detektif. Imah geueuman, sora nu aneh, nepi ka munculna tokoh anu muhit ka dedemit. Konflik antara tokoh nu pabentar (murid ajengan jeung nu muhit dedemit),  dicaritakeunana henteu nerag, bangun ngahaja sina matak panasaran. 

Carita dina dongeng Sunda oge aya nu ngamangpaatkeun mitos. Tradisi jeung adat tali-paranti masarakat Sunda jaman beh ditu, diungkab deui dina racikan lalakon. Ka dituna, aya nu memper kana kapercayaan sabagean masarakat kana hal-hal supranatural. Anu ceuk sawareh mah sok disebut tahayul tea; upamana bae carita ngeunaan jurig, nagara siluman, nagara jin, atawa tempat-tempat anu dianggap sanget. 

Dina sastra tulisan oge,  aya pangarang anu sok nyaritakeun alam gaib teh. Kawas Moh. Ambri dina “Munjung”, atawa puriding-puringkakna Ki Umbara, sastrawan senior anu mindeng pisan nulis carita “jurig”.  

Di Sumedang, aya pangarang dongeng, Ki Leuksa ngaran sandi asmana. Spesialis carita jurig. Meh sakabeh dongengna, loba nyaritakeun kahirupan manusa anu dipatalikeun jeung alam lelembutan. Geus aya puluhna, boa ngaratus, naskah dongeng anu ditulisna teh. Naskah-naskah dongengna kungsi dibacakeun ku Mang Bahar ti radio Jussan Sumedang, Mang Engkos ti radio Duta (ayeuna radio Citra), malah anu ku Wa Kepoh oge aya.  

No comments:

Post a Comment

Berkata yang baik atau lebih baik diam. ''Al-hadts''