Pairtamiang

Mangrupakeun hiji pedesaan anu ayana di wewengkon kacamatan cihaurbeuti kabupaten ciamis jawa barat (Indonesia)
Asal usul pasirtamiang
Tiap tiap ngaran pasti ngabogaan sajarah masing masing, kitu oge sarua halna ngaran  pasirtamiang, upami di tilik tina sajarah asal muasalna, ngaran pasirtamiang ngarupakeun gabungan tina dua ngaran nyaeta “pasir” jeung “taming”.
Anu tiap tiap ngaran tadi boga harti masing masing, ngaran “pasir” di cokot tina basa sunda anu hartina “leuweung leutik” atawa bagean leuweung anu deukeut jeung tempat cicing manusa.  ngaran “tamiang” di cokot tina ngaran tangkal awi anu waktu harita aya di tempat eta (pasir).  Jadi lamun di hartikeun sacara kaayaan dina jaman harita , “pasirtamiang” ngandung harti “tempat anu loba tangkal awi tamiang”.
Tapi aya oge anu ngahartikeun “pasirtamiang” teh ngarupakeun gabungan tina ngaran “Pasirta” jeung “miang” anu hartina “pasirta” ngandung harti  peserta atawa anggota,  “miang” hartina indit. Jadi harti pasirtamiang lamun nurutkeun versi anu kadua nyaeta, “peserta anu miang”. Bisa di buktikeun ku lobana anggota atawa jalema anu miang (indit / ngalalana / kaluar) neangan pakasaban ka daerah luar pasirtamiang. Ngan harti anu kadua lain dicokot tina asal muasal ngaran, tapi docokot tina basa kirata (di kira-kira tapi nyata).
Leupas tina harti anu asal, pasirtamiang ngarupakeun hiji ngaran padesaan anu ayana di kacamatan cihaurbeuti (sakumaha anu tos di tulis dina tulisan bubuka). “DESA PASIRTAMIANG” mungkin ngaran eta anu aya dina emutan. 

Desa pasirtamiang
Upami di tingal tina sajarah ngaran na, pasirtamiang ngarupakeun hiji tempat anu langka di saba ku manusa kumargi kaayaan nana di sisi leuweung. Tapi sajalan jeung jaman, lambat laun pasirtamiang jadi hiji padesaan anu dibagi jadi 6 (genep) perkampungan.
Diantarana:

1.       Kampung pasirtamiang tonggoh
2.       Kampung Pasirtamiang Landeuh
3.       Kampung Cijoho
4.       Kampung Kertasari
5.       Kampung Pasirlandak
6.       Kampung Cigorowong

Anu masing masing ngaran ngabogann sajarah.
·         1. Pasirtamiang tonggoh
Katerangan masih di pilari…..

·         2. Pasirtamiang landeuh
Ngarupakeun hiji tempat atawa wilayah anu aya di desa pasirtamiang, lamun nurutkeun sajarah, pasirtamiang landeuh ngarupakeun pecahan kampung. Sabab di desa pasirtamiang asalna ngan aya 5 (lima) kampung, mungkin kusabab lobana anggota atawa tambahan penduduk  tiap taunna, maka dina taun 1993 kampung pasirtamiang di bagi jadi 2 (dua) bagian. Nyaeta bagian tonggoh jeung landeuh.
Pasirtamiang lendeuh ngabogaan 3 (tilu) belah, nyaeta (1) beulah kaler atawa biasa di sebut “kondang” (2) beulah tengah (3) Beulah kidul biasa di sebut “babakan” tins 3 (tilu Beulah eta ngabogaan 8 (dalapan) Rt (rukun tetangga) anu tiap tiap Rt di bates ku solokan jeung satiap Rt ngabogaan kurang leuwih 20 Kepala keluarga. Lamun tina satiap kepala keluarga aya 5 (lima) urang, maka bisa di perkirakeun warga anu aya di kampung pasirtamiang landeuh kurang lewih 8 x 20 x 5 = 800 (dalapan ratus warga) tapi ieu mah itungan sacara perkiraan wungkul. Kangge bukti anu nyata na mah mungkin Pak lurah anu langkung uninga.
Oh iya ampe lupa,,,, Dugi ka taun ayeuna (2011) kampung pasirtamiang landeuh tos ganti 2 x Bpk lurah (setelah di pecah) anu kaleresan dina taun ayeuna di kokolotanan ku Bpk Lurah Ade. (jadi inget lagu kang doel sumbang...) salam baktos ka Bpk lurah…. 

·         3. Cijoho
Katerangan masih di pilari…..
·         4. Kertasari
Katerangan masih di pilari…..

·         5. Pasirlandak
Katerangan masih di pilari…..

·         6. Cigorowong
  
Katerangan masih di pilari…..


Katerangan di luhur di tulis ku ade kamal mustopa (warga pasirtamiang landeuh),  upami aya anu langkung uninga kana sajarah pasirtamiang, diantos kintunan serat na ka E-mail kamal_mustfa@yahoo.co.id

No comments:

Post a Comment

Berkata yang baik atau lebih baik diam. ''Al-hadts''