Sunday 27 March 2011

Bobotoh

Kamari poe rebo jadi poe nu pikaseudiheun keur Abah Karta..

naha kitu ??

kieu caritana...
nyaho si Maung rek tarung, ngahaja si Abah Karta tukang suuk buru2 neang lapak mun teu warung nu aya Tipian, kabeneran bah Karta manggih pangkalan ojeg di kampung Citiis, geus kitumah si abah ngiluan nangkring ngariung di gigir jalan jeung tukang ojeg hungkul,

Geus kitu kumaha..??

Heu euh caritanamah tarung si Maung Bandung teh geus derr weh, harita nu lalajo kaitung loba, tukang ojeg 14 jalma, nu ngalewat ngadon lalajo aya 12san kaasup si Abah Karta, enya oge pasedeuk sedeuk jaba tipina 14in tapi kabeh nu lalajo katempo bungah.
Di tengah tarung lalakon Maung eta nu lalajo hiji – hiji nyarokotan suuk nu geus di bungkusan dinu tanggungan Abah Karta..
“ bah kuring nyokot hiji yeuh, ke ges beresan di bayar nya..” ceuk nu nyarokot suuk teh
Abah Karta ngajawab “ heug jang sok we nyarokotan heula anan “
Kaayaan harita rame pisan, aya nu gogorowokan, aya nu popoyok, aya nu seuri, aya baeud bari udud, aya oge nukatempo pias semu tegang siga si Abah Karta, teu karasa babak ka hiji beres tapi si Maung ka babuk 3-0 ku eta musuhna, dina waktu istirahat eta si abah Karta teu daek ceungkat da tempat diukna sieun ditempattan ku batur ( diuk ngampar make kardus sapotong )

Ari eta daganganna kumaha?

Tah dagangan si abah teu karasa ges tereh ludes di carokotan kunu lalajo tapi si abah kartamah hare2 we da pikirna ges beresan maen ge di balayar,.
Ayeuna babak kadua ges derr..katenjo beunget2 taregang jeung bararaeud, heu euh meureun pedah eta si Maung katinggaleun 3-0 keneh, malahmah aya nu ngawirid, ngadua sangkan si Maung bisa ngudag jeung malikeun kaayaan,, didago dago ti menit 48...menit 57..menit 69...menit 78 tapi angger eta si Maung masih keneh katinggaleeun, tah ayeuna eta tarung nepi ka menit 87 ges katempo jalma2 nu aya dieta pangkalan ojeg hiji2 carengkat terus arindit bari kukulutus “ ah ainkmah..kieu caranamah moal jadi jawara..” ceuk hiji jalma...” pelatihna ganti we ku mang sardin “ ceuk nuhiji deui..” ari pamaen aralus naha ari maen kitu euy..?” ceuk nu rada botak..”ai maungmah ges alus ceuk urgmah ngan musuhna we leuwih alus” ceuk eta lalaki nu rada peminim...” ah salabar we euy can waktuna meureuun..”ceuk lalaki nu make baju koko...teu karasa akhirna si wasit niup piriwit tanda eta tarung enggeusan, hiji2 jalma arindit bari katempo beungeut2 nu sarareudeih ,malahmah aya nu nyurucud cipanon mewek sagalarupa.

Ai si Abah Karta kumaha?

Tah si abahmah ceungkatmah anggeus ngan eta panon masih nenjo kani tipi 14in bari ngomong laun “ naha bisa kieu.? asa teu percaya da ceuk dinu ngimpi mah menang 1-0 naha..? kunaon ?? atawa ngimpi kitu ieuteh ?? ahhh ainkmah..!!

Ges kitu si Abah Karta lempang nyokot tanggungan suukna. Si abah karta bengong da eta tanggungan karosong euweuh nanaonan, BEUH...” aduh gusti aink poho teu naragih duit tadi nu mareuli suuk “si abah karta ngomong sorangan, nempo ka gigir, katukang eta pangkalan ges karosong ngan aya 3 jalma eta ge tukang ojeg nu ker sasapu jeung meresan kardus kosong, si abah nanya ka eta 3 jalma , “ ari nu meli suuk abah kamarana nya jang..? ari ujang nyokot teu tadi?? ceuk si abah.. “ duka atuh bah kuringmah teu nyokot malahmah beukeul tiimah yeuh kurupuk lada“ ceuk nu jabrig, “ ah si abah lain tagih tadi atuh pas menit 70” ceuk nu rada hideung.

Aduh watir atuh..

Akhirna si Abah Karta balik mawa eta tanggungan kosong bari nogomong dinu hate “ suuk karek payu dua siki, sesana euweuh kacokot batur rugi aingmah..tapi nu paling rugi naaaaha si Maung beut bisa eleh 3 – 0 deuih..dagangan rugi teu nyeri hate mun si maung menangmah ah...!!! tapi aingmah sumpah rek kitu rek kieu Aink teteup nyaah ka si Maungmah nepi ka paeh ge ah...!! “ ceuk si Abah Karta .
Di tengah jalan gigireun sawah si abah karta ngagorowok ...” HIDUP PERSIB...” bari ngangkat leungeun kaluhur, puguhwe eta jalma nu kalewatan si abah rareuwas “ Hiduuuppp..” ceuk nu ker mandian munding digigir solokan badag...” hiduup euy “ ceuk nu lainna.;

ari geus kitu kumaha..?

Nya teu kukumaha atuh nu pastimah si Abah Karta salahsahiji Bobotoh Persib nu tara pundungan mun si Maung Bandung eleh atawa menang...!!

No comments:

Post a Comment

Berkata yang baik atau lebih baik diam. ''Al-hadts''