tutulisan

Basa SundaUmumna mah urang Sunda maké basa Sunda (aya sababaraha basa wewengkon, nu masing-masing boga ciri) dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu sacara tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa campuran (Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna. Kadéséhna basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana kusabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda.
salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu sacara tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa campuran (Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna. Kadéséhna basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana kusabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda.
Budaya
Numutkeun sajarahna, cenah mah urang Sunda téh boga dasar budaya huma, sahingga condong ka solitér. Titinggal kaadaban kolot kapanggih di wewengkon sisi Situ Bandung Purba, Guha Pawon, sarta sababaraha situs arkéologi mangrupa kabuyutan/pamujaan mégalitik. Di Nusantara/Indonésia, bukti arkéologis nunjukkeun yén kaadaban tulis pangkolotna téh aya di Tatar Sunda. Karajaan-karajaan Sunda nu kacatet dina sajarah atawa katalungtik titinggalna aya sababaraha karajaan, di antarana Salakanagara, Kendan, Tarumanagara, Sunda, Galuh, Sumedanglarang, Cirebon, jeung Banten.

0 comments

Post a Comment

Berkata yang baik atau lebih baik diam. ''Al-hadts''