Saturday 27 August 2011

LARATAN ASTAMANGGALA


LARATAN ASTAMANGGALA, KARUHUN CIHAUR DINA SEJARAH BANDUNG
Dicutat tina R. Memed Sastrahadiprawira


"Ngan anu puguh cukcrukanana, nya eta ti wates nu ngawengku Tanah Ukur, nu ngasta padataran Bandung kabeh-dieunakeun, jenengan Dipati Ukur Wangsanata, menak asal Purbalingga” (Roman Sajarah "Pangeran Kornel", Balai Pustaka, Citakan kahiji tahun 1930).
Jenengan Dipati Ukur teh pikeun sajarah Bandung mah beunang disebut
mumundelna, sabab nya dijaman harita urang Sunda, babakuna nu nyicingan
padataran Bandung, obyag sasadiaan baris nedungan papancen Sultan Agung
Mataram ngepung kota Batawi, ngarurug Kapitan Mur Jangkung.
Pangaruh Sultan Mataram karasana ku pangeusi tanah Priangan, lir upama angin topan nebak tatangkalan, taya nun bisa ngahalangan, sakur nu kadupak rebah, kitu deui nu ngawengku Tanah Ukur, kitu katelahna padataran Bandung jaman harita, teu iasa mangga pulia, kapaksa tumungkul ka kersana Sultan Mataram, saperti tangkal awai katebak ku angin gede.
Dina bubulak nu upluk-aplak ngaleut-ngeungkeuy balad Sunda rek miceun pati ka Batawi. Rancung tumbakna, nyalulagrang gobangna, wantuning ari bedil mah alam harita arang langka keneh. Opat rebu reana Balad Dipati Ukur anu ninggalkeun lemburna ngarurug ka Batawi, ngan opat ratus nu bisa mulang deui !
Ti harita Dipati Ukur nyicikeun cai, ngawurkeun lebu, sumpah moal kersa
ngawula deui ka Mataram. Tapi Dipati Ukur heunteu iasa lila wangkelangna, sabab kaburu sumping Tumenggung Narapaksa, senapati Sultan Mataram, nyandak balad mangpirang-pirang baris meruhkeun luluhur Ukur. Dipati Ukur bingung, ku musuh enggeus kakepung, cek babasan tea mah : maju jurang, mundur jungkrang.
Tuluy mundur jeung sababaladna, ngadago musuh di Gunung Lumbung. Tapi kalah wowotan, sanajan balad Mataram loba nu maraot
ditinggangan ku batu ti luhur gunung oge, teu burung Dipati Ukur abandang,
dikerid-peuti jeung ulukuringna, diboyong ka Mataram, baris narima hukuman
nu kacida ngerikna.
Padataran Bandung jadi suwung, Tanah ukur leungit kama'muranana, sabab geus taya nu nyicingan. Pasawahan jadi gamblung, huma-huma jadi leuweung.
Mangtaun-taun Bandung kosong lawas pisan jamanna Tanah Ukur teu katincak ku
jelema.
Tapi dasar Bandung kudu ninggang cacandran: heurin ku tangtung, jol sumping Umbul Cihaurbeuti nu geus milu nempuh Dipati Ukur, nyandak rencang dua ratus kuren, mudun ka palebah muhara Cikapundung, lantaran ku Sultan Mataramdijenengkeun bupati di Bandung, ganjaran kana kasatiaanana.
Tanah nu geus suwung teh dieusi deui sarta di sakuloneun muhara eta ngadeg dayeuh, katelahna Karapyak sarta sanggeus pindah ka tempat nu ayeuna
disebutna : Dayeuhkolot. Lain lebah dinya wae, tapi di wewengkon Tanah Ukur
beulah wetan oge, pernahna kuloneun walungan Citarik, dibawahan distrik
Cicalengka, desa Tarikolot-kaler, aya dayeuh nu sajaman diadegkeunana sarta
teu eleh karesikanana ku nu disebut ti heula, wantuning eta oge sarua pada
palinggihan bupati, nya eta dayeuhna kabupaten Parakanmuncang. Bupati eta
nagara nu mimiti kakasihna Tumenggung Wiratanubaya, asal umbul
Sindangkasih, nu jenengan Ngabehi Somahita. Kulantaran eta umbul milu
nalukkeun Dipati Ukur, ku Sultan Mataram diganjar, dijenengkeun bupati di
Parakanmuncang sarta tedak-tumedak ka putra-putuna meunang sababaraha
turunan.

Sastawan Sunda
R. MEMED SATRAHADIPRAWIRA
Dibabarkeun 18 Maret 1897 di Manonjaya, Tasikmalaya
Wafat dina kaping 5 Juli 1932 di Bandung

No comments:

Post a Comment

Berkata yang baik atau lebih baik diam. ''Al-hadts''