Tuesday 11 October 2011

sunda euy.............................

Pangeunah-ngeunahna nyarita, jang kuring mah make basa Sunda loma.
Dua taun kuring make basa Sunda loma. Mangsa kelas tilu SMP jeung kelas hiji SMA. Kabeneran kuring sabangku jeung sobat nu sok ngabasakeun “urang-maneh”.
Ngan dua taun para mitra! Kusabab kelas dua-na kuring beda kelas jeung sobat kuring tea. Terus nga-geng jeung barudak kota nu lolobana anak mamih. Der deui we make basa Indonesia gaul. Ari di imah, kuring make basa Sunda lemes. Leuh, pun biang mah tuda nyarios “embung” atanapi “isuk” wae meni jiga pamali. Kedah nyarios “alim” atanapi “enjing”.
Abus kuliah, panggih teh jeung babaturan sanusantara. Teu kapake deui tah si Sunda loma. Kitu deui saterusna, ngajodo jeung urang Malayu-Jawa. Make basa sunda teh mun balik ka Tasik, lembur kuring nu dipikadeudeuh.
Jadi inget jaman keur SD. Sanajan sapopoe di sakola kuring make basa Indonesia, tapi di imah kuring hobi pisan neuleuman basa Sunda. Meureun kulantaran si Papap (bapa kuring) paduli pisan kana kebudayaan (halah, poho deui tah naon basa Sunda-na) Sunda, contona kawas aktif di dunya padalangan jadi saeutik-eutik kuring ge sok kabongroy nitenan any stuff about Sundanesse.
Ampir unggal poe kuring maca majalah Mangle (komo rubrik barakatak nu eusina aya hahahah jeung pangalaman para mitra), buku Taman Pamekar (boga lalakonna mah poho deui saha ngaranna…tapi lanceukna mah inget keneh: Isah, jeung adina: Ade, imahna deukeut statsion kareta api Cicalengka).
aksara-sunda-hanacaraka.gifTuluy kuring ge apal kana pupuh-pupuh Sunda: Kinanti, Asmarandana, Sinom,…naon deui nya poho deui. Pan aya tujuhbelas lin? Maca aksara Sunda ge kuring jago. Diajarna salian dipapatahan ku nini, kabeneran aya buku tutorialna oge. (Btw, kamana nya bukuna ayeuna?) Resep pisan maca dongeng buta nu aya saleser dina pundukna make aksara sunda. Meni atoh sanggeus tamat maca bukuna. Serasa memecahkan misteri… :D
Kuring ge resep lagu-lagu degung. Komo bari barang dahar mah. Matak rewog, da asa keur di nu hajatan :) Kitu deui kana lagu-lagu Cianjuran. Asa dipepende… Komo bari keur aya angin ngahiliwir, sora cai di balong jeung manuk haliber di sabudeureun tatangkalan hejo…degungs.jpg
Lamun lagu Sunda moderen, kuring teu resep. Asli. Sebel we nepi ka ayeuna ge. Tapi anehna salaki kuring nu euweuh getih Sunda, jeung budak nu cikal meni raresepeun tah nyetel lagu-lagu Nining Meida jeung Adang S., Nano, samodel Kalangkang, Anjeun, Potret Manehna… MP3na aya, meni loba.
Kuring ge pernah nyobaan nabeuh gending, goong, kendang, kenong… Ngoprek kacapi jeung rincik… Angklung jeung suling mah komo. Ngan eleh ku kabisa maen gitar jeung keyboard. Kuring leuwih ‘jagoan’ make alat musik moderen tibatan alat musik tradisional.
Carita wayang? Lain resep deui. Komik R.A Kosasih pangpangna mah. Kitu deui buku-buku nu jarang gambarna. Diwewel sajah…
Geus ah ngacaprakna. Ngan sono wungkul ka Ki Sunda. Sono ka Aden Endul jeung si Mamih…(salut ka Kang Budi Riyanto Karung)… urang search ah di Google. Sugan aya Mangle Online…

No comments:

Post a Comment

Berkata yang baik atau lebih baik diam. ''Al-hadts''