Sunday 2 October 2011

surat jang dulur

Tilu taun ka tukang
Lalampahan antara kuring jeung anjeun
Lain lalakon dongengkeuneun
Oge lain carita tuliskeuneun
Sanajan eusi anu sabenerna
Leuwih pondok alahbatan jempol

Dulur.... Sanajan saukur potret
Nu teu bisa diajak nyarita
Ngan saukur bisa diteuteup seukeut
Tapi kuring moal kasamaran
Sabab tina ngaran eces jentre
Natran atra puguh jejer jujutan caritana

Dulur.... Jati diri anu pasti
Ngageuingkeun galecokna hate
Ngahudangkeun kapanasaran diri
Estu geugeut mikaheman
Kahayang ngapimilik diri
Tapi kadar nu teu merean

Bray.... Kasawang....
Panto lalakon baheula
Ngalangkang narembongan
Lalampahan hirup nu kungsi ka sorang
Ayeuna geus tirem limpud ku jaman

Alhamdulillahirobbilaalamin
Kuring muji syukur ka Pangeran
Bari diwuwuh ragragna cimata
Dina amparan sajadah pangsujudan
Wireh bagja aya beja
Ngeunaan diri salira
Sanajan saukur potret nu nyarita

Dulur.... Ngeunaan diri anjeun ayeuna
Kuring nyaho jeung sadrah tumarima
Sabab lain saukur tarucing
Oge lain saukur wawangsalan
Estu bener hiji kanyataan
Ceuk sawangan kuring
Diri anjeun ayeuna
Nu nembongan dina kalangkang

Dulur.... Kuring jangji ka diri pribadi
Mun can panggih bakal diguar
Sabada aya gambaran
Ngotektak neangan raratan
Sanajan ukur kalangkang
Mugia teu nyalahan
Sanajan di tulis ukur basa lancaran

Dulur.... Tapi upama teu mah kuring nyalahan
Poma anjeun ngahampura
Kana dosa nu geus dipilampah
Kana ucap nu geus dikedalkeun
Mungguh hate mah panceg mageuhan
Matri diri dina ati sanubari
Anjeun ayeuna nya anjeun anu baheula

Cag, mugia ieu harewos
Lir ibarat hiliwirna angin peuting
Nu ngadalingdingmatak tingtrim
Nyaklakkeun kasono
Nyingraykeun kaheman
Nyimbeuhan katresna
Nu teu jadi harita

No comments:

Post a Comment

Berkata yang baik atau lebih baik diam. ''Al-hadts''