Wednesday 12 October 2011

pepeling jang manusa

conto pepeling : {#emotions_dlg.mail_write}
 


        Hayu geura saradia Meungpeung keur hirup di dunya Amal keur sampeureun tea Di ahir moal sulaya Geuning maot ngadodoho Boro sok dipoho-poho Datangna teu mere nyaho Ngageretek taya tempo
        Taya beurang taya peuting Taya raja taya kuring Di mana ajal geus sumping Teu meunang embung anaking Horeng nyawa eujeung badan Nu geus lila babarengan Datang mangsa dipisahan Paturay tineung pamitan Lai meuran lain sugan Da ieu mah kanyataan Kabeh pasti ngarandapan Geuning awak urang pisan Kaget reuwas mata mencrong Renghap ranjug munggah bengong Napas ngangseg na genggerong Nu deukeut geus teu katembong Horeng ieu teh sakarat Dicabut ku malaikat Nyawa ngangseg mapay urat Teu aya daya keur lumpat
        Ku renghap nu panganggeusan Pegat sakabeh harepan Nabengkang taya dayaan Rek kumaha pangharepan Boro mah keur suka bungah Ngatur napsu seuri bungah Beak tempo kudu pindah Nyampeurkeun ka alam barjah Geus waktu ninggalkeun lembur

        Menuju ke alam kubur Meunang ngali geus diukur Mahi keur awak sakujur Rek naon anu di bawa Duit atawa sawah lega Menang ngumpul-ngumpul tea Belaan nipu pasea Beunang tisusuk tidungdung Nu sok dipake adigung Kana salat matak liwung Waktuna jakat mah embung
        Ibadah kateler-teler Nepi ka nyanghulu ngaler Lapur badan enggas komper Di tengah imah ngagoler    Ngajolopong diruruban Diriung ditarungguan Geumpeur pacampur jeung reuwas Setan mah bati mupuas Harta anu ngunung-ngunung Pakean duit satungtung Ngan masih boeh asiwung Ditambah kai keur padung Lawang amal geus ditutup Hanjakal keur waktu hirup Talangke bet hanteu sanggup Padahal waktu mah cukup Paingan rosul ngelingan Dunya mah pangumbaraan Naha bet kamalinaan Tonggoy hanteu nyubadanan Ati ngerik pikir liwung Imah tiiseun jeung suwung Ngan anak yatim buruan Tinggarisik ting rariung Abong poe panganggeusan Mana beurat rek amitan
        Keun imah keun pakarangan Geuwat keun logak ngantosan Pasaran mendung dipayung Ti luhur dirurub sarung Nu ngiringna semu nguyung Nangkeup dada tingkuyungkung Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut Beuki deukeut beuki deukeut Beuki deukeut beuki deukeut Kana logak ruper heureut Duh geuning enggeus nyangkorah Rup ku padung rap ku lemah Poek rupek jeung tugenah Ngarumas cukireuh susah Ahli sobat kawawuhan Teu tolih gancang bubaran Duh saha nu rek maturan Geusan cicing babarengan Mana sobat mana dulur Geuning buriak salembur Hanteu maturan di kubur Sumawon nambahan umur Oge harta banda kuring Nu dipuhit buerang peuting
        Cik mana anu rek ngaping Geuning geus kieu mah kuring Hanjakal aduh hanjalak Teu getol sadia amal Padahal geuning padahal Ngan amal nu jadi bekel Naon keur panyinglar sedih Nahan ku cimata getih Tawa bangkieung jungkelih Harta mah geuning teu nolih Enggeus montong rek sasambat Teu guna enggeus kaliwat Bongan bareto teu toat
        Teu kurang nu nganasehat Tong hantem hahanjakalan Pan teu kurang nu ngelingan Pek runggu jawab sorangan Geura jawab pariksana Paremutan parantosan Mangga geura aremutan Sugan manawi jeung sugan Ngajadi kamaslahatan Ku maca ieu pepeling Muga sing jadi panggeuing Da Gusti anu ngajaring Siang jeung wengi diaping

(Dari Puisi Pupujian Dalam Bahasa Sunda karya Tini Kartini, dkk.)

3 comments:

Berkata yang baik atau lebih baik diam. ''Al-hadts''